riki

×

Saturday, February 17, 2018

Sajak Orang Sunda

Kumpulan Sajak Bahasa Sunda

Kumpulan Sajak Ini Cuma Hasil Kopy Paste Dari Blog Lain Supaya Kalian Tidak Kebingunan Kalian Tinggal Pilih Sajak Manakah Yang Akan Kalian Ambil Tinggal Kopy Di Bwah ini   :


KAĖNDAHAN ALAM
Cahaya panonpoė
Nyaangan kana ati
Hiliwirna angin
Mawa tiis kana ati
Tatangkalan tinggarupay
Nambah ėndahna alam
Lemah cai negeri nu can ku polusi
Alam ėndah nu merenah
Ulah nepi ka punah
Ku urang kudu dipusti
Supaya tetep asri lestari
QADHA JENG QADHAR
Takdir teu bisa dipungkir
Qadha jeng qadhar teu bisa di takar
Jelema lir ibarat wayang
Gerakna kumaha dalang
Umur panjang teu bisa hayang
Lamun geus kuduna mulang
Ka gusti nu Maha Suci
Cimata kur bisa ngeclak
Wakca Apa tilar dunya
DINTEN MINGGU
Dinten Minggu…
Nyaharita urang ngawitan patepang
Dinten Minggu…
Geuning katresna mekar ati
Teu walakaya kasiksa diri
Antukna silih kedalken eusi ati
Kota Serang jadi saksi
Urang duaan silih kedalken katresna
Kota Serang kota kaasih
Jadi saksi urang duaan silih tamplokeun kasono
Dinten Minggu…
Urang duaan silih pikanyaan
KEBON RAYA BOGOR
Sanajan kebon wujudna
Sanajan heunteu nyoara
Tapina ngajadi tanda
Kaėndahan kota Bogor
Hayu dulur sarėrėa
Urang jaga jeung piara
Sangkan aya mangpaatna
Jadi paru- paru kota
LEMBUR KURING
Ditilik dirasa
Lembur kuring anu ėndah
Upluk- aplak pasawahan
Tinggarupay tatangkalan
Sėahna cai walungan
Hiliwirna angin
Matak tiis kana ati
Lembur kuring…
Tipeuting jempling
Kur sora gang anu rėang
Matak betah tumaninah
EMAK
Anjen jalmi nudipika deudeuh
Pengorbanan teu mėnta wales jasa
Kanyaah emak moal bisa dipohokeun
Jasa emak teu aya tungtungna
Doa emak nu ku abdi dipenta
Bungah emak nu diharepkeun
Emak…
Mudah- mudahan emak bagja dunya aherat
Abdi nyaah pisan ka emak


Kanyaah indung

Salapan bulan lilana urang dijero beuteungna
Peurih karasana, beurat jeung cape kacida
Taya nubisa ngarasa kanyerina
Jeung nyawa taruhanana
Dua taun lilana indung nyususan urang
Ngabimbing urang
Yen bisa jadi jela bageur tur bener
Sangkan ulah jadi jalma goring
Ngeclakna cai panon
Lamun urang bangor
Ngeclakna cai kesang
Capena ngurus urang
Saha nu bisa ngabales kanyaah indung
Kanyeri indung
Kacapena indung

Jeung cai panonna